Pages

Sabtu, 10 November 2012

RAJAH KARUHUN

lain ngusik ulam mandi na...

lain ngahudang macan turun na...

lain ngungkit nu kamari,,,

lain ngungkat nu baheula,,,

rek ngaguar tutungkusan karuhun...

amit ampun nya paralun.... ka gusti anu maha agung

kanabi anu linuhung.... Muhamad anu jinunjung

rahmat sapaat nu kasuhun....simkuring neda papayung

kaluhur neda papayung…. Papayung anu maha agung

ka handap neda pangraksa… pangraksa maha kawasa

kaler kulon kidul wetan… mugi di aping di garing

tiluluhur ti karuhun ti buyut ti nini aki

nu nurunkeun kabudayaan

degung pantun tembang kawih

iyeu abdi sadayana…..

seja ngaraksa mupusti seja ngaraksa mupusti

amit kanu mangku lembur… kanu nyungsi dinu sepi

nu keur genah tumaninah

bisi kausik keur calik…ka langkah kaliliwatan

nya neda agung nya karaksaning

Tidak ada komentar:

Posting Komentar