Pages

Senin, 12 Maret 2012

Ngahiyangna Pajajaran


Pun ! Sapun !
Ka Pupunclak Agung Pamunjung
Anu Agung Sang Rumuhun
Hiyang Guru Agung Pangruhum
Anu Nunggal di Kalanggengan
Anu Langgeung dina Nunggalna
Anu Ngabogaan Sakabeh Alam
Anu Ngabogaan Sakabeh Jagat

Paralun ! Sapun !
Ka sakur anu diluhur
Ka Guru Hiyang Nunggal
Ka Dewa nyangking Kawening
Ka Dewa ngagem Wewenang
Ka Dewa nunggal Kawasa

Ka sakabeh
Nu kumelip, nu arusik, nu ngawararuga
Dina wujud sewing-sewangan
Nu ngagelar, nu ngarumpay
Nu narangtung, nu ngagantung
Nu ngagulung, nu narangkub
Nu nangkarak, ku ngarambat
Ka sakabeh
Nu kadeuleu teu karasa
Nu kaambeu teu kadeuleu
Teu kadeuleu tapi aya ....
Ka sakabeh
Nu ngaredag, nu lumampah
Harirup jadi pangeusi
Nyaricingna jagat ieu, alam ieu

Paralun
Sabab kaula eundeuk nyatur
Nyatur pantun nu buhun
Haneuleum tunda karuhun
Hanjuaneun anu marapay .... !

Paralun
Matak kaula
Ku sabab
Pajajaran dijieun carita
Tapi disilok
Ku anu sarieun
Dipajarkeun mumuja Dewa
Jeung direka dirarobah
Dijarijieun-jieun
Ka nu gariruk .... !
Jeung ku sabab
Kaula nyaho
Engke jaga
Baris datang deui jelema
Loba menak loba pangkat
Harayang diaraku deui
Rawayan ti Pajajaran

Paralun ....
Paralun !
Jin
Iblis
Setan markayangan
Ipri
Onom
Dedemit
Jeung jurig nyiliwuri !
Rampes nun !
Lalinggih !
Ulah arobah tina sila
Ulah arusik tina calik !
Bandungan dina jajaran
Jajaran darekan karuhun
Sebab kaula
Eundeuk jajararkeun carita
Carita
Ti baheula Pajajaran
Ngajajarkeun jeujeur sajati
Nu asalna
Lain beunang ngareka-reka
Tapi
Di geularkeun ku karuhun
Kana hate nu rancage
Hate saha ?
Hate Sunda
Nu sundana dina dani
Nu danina dina hirup
Nu hirupna sagala samar
Nu samarna ngalaman deui
Ngalaman jaman cara baheula
Boga Raja heunteu sulaya

Paralun !
Bandungan !
Urang kocapkeun !
Kocapkeun !
Di nagara Pajajaran
Lain Pajajaran nu kiwari !
Pajajaran geh anu baheula !
Nu jadi Raja ?
Gagah sakti kaliwat saking
Nya Dia
Anu ngarana
Prabu Siliwangi
Ari anakna ?
Lobana tili kali salawe
Da boangan
Biangna geh
Saratus punjul satengah !
Tunda !
Urang nyaritakeun hiji anak inyana
Nu sakti ngala ka aki
Nu gagah ngala ka bapa
Ari ngarana ?
Ki Hiyang Santang Aria Cakrabuana !
Euweuh pantar
Euweuh tanding !
Nyarita inyana ka si Lengser
Uwa uwa !
Ngaing the ayeuna mah
Cukup elmu jeung pangweruh !
Tapi hate ngaing heunteu betah jasa !
Sabab
Geus lila euweuh teunggeulaneun
Geus lila euweuh sepakeun
Euweuh sanagara
Euweuh musuh ngajak rusuh !
Kumaha lawan the
Ngan tinggal sia bae uwa ?
Kuamaha amin ngaing nyaba jauh
Nyiar lawan di nagara deungeun ?

Ceuk si Lengser
Ulah aden ulah !
Ceuk ki Santang
Ku nahaeun diulah-ulah ?
Ceuk si Lengeser
Sabab amun aden miang ka buana luar
Ka nagara nyabrang lautan
Engke dimana aden mulang
Pajajaran the ngan kari ngaran !
Tapi dasar peuteukeuh
Teu beunang diulah - ulah
Nya miang inyana ka nagara sabrang lautan !

Tunda !

Tidak ada komentar:

Posting Komentar